SI KABAYAN NGALA ROAY
Si Kabayan saré kénéh
ngaguher. Kérékna mni nyégrék, kerrr..kerr....” Hudang atuh Kabayan,geus
beurang! Hayu urang ka huma, bantuan Abah ngala roay !” ceuk Mitohana. Si
Kabayan kalah kukuliatan. Haténa pohara medenghel, keur ngeunah-ngeunah saré
aya nu ngagugubrag.
Najan wegah Si Kabayan
maksakeun manéh milu jeung mitohana ka huma. Sajajalan Si Kabayan kuraweud baé.
Ambek ka mitohana. “Atah adol mitoha téh. Aing keur ngeunah saré maké
digeuingkeun. Pira gé ngala roay, maké kudu dibantuan sagla. Keun siah.....” Si
Kabayan kukulutus.
Tepi ka huma, mitoha getol
naker ngala roay. Ari Si Kabayan gawéna ngahuleng jeung ngarahuh baé, sangeuk
mantuan.
Keur kitu karérét
karung wadah roay. Nyéh Si Kabayan imut,
kawas manggih piakaleun. “ Abah ! Abah !
Kuring rék ka cai heula, mules beuteung. Dagoan wé, ulah ninggalkeun !” ceuk Si
Kabayan semu ngagorowok ka mitohana.
“Heug ulah lila teuing ! “
tembal mitohana.
Mitohana anteng baé ngala
roay. Ari Si Kabayan lain tuluy ka cai, tapi kalah sup lalaunan asup kana
karung wadah roay. Awakna dipurungkutkeun bari ngaruang manéh ku roay tepi ka
teu katémbong. Atuh metung katénjona karung téh.
Mitohana luak-lieuk,
ngadagoan Si Kabayan. Barang rét kana karung nu geus metung, red baé dipocong,
ditalian. Eta karung dijungjung-jungjung. “ Aéh, beurat naker geuning. Kudu ku
duaan ieu mah mawana ogé. Keun rék digotong engké jeung Si Kabayan,” mitohana
ngomong sorangan.
Lantaran Si Kabayan teu
embol-embol, riud baé éta karung téh dipanggul ku mitohana. Tepi ka imah, éta karung téh diteundeun di
dapur. Ku mitoha Awéwé geuwat dibuka talina.
“Euleuh-euleuh, cukul
geuning pelak roay urang téh, nya. Ieu mani sakieu lobana. Naha ieu maké
dibengkot ku sorangan abahna, ari Si Kabayanka mana ?” Mitoha awéwé nanya
bangun héran.
“Nya éta, mules beuteung
cenah, tapi ditungguan teu embol-embol,” témbal mitoha lalaki.
Basa karung dijudulkeun ku
duaan, burulu roay bijil sabagian da sereg dina liang karung. Ku lantaran
mereketengteng, karungna hantem digeunjleng-geunjleng. Na atuh ......ari
boréngkal téh Si Kabayan ragrag morongkol kana raranjangan. Jerit mitoha
awéwé ngajerit bakat ku reuwas. Mitoha
lalaki undur-unduran bakat ku kaget.
“ He...he...he....da capé ! “ ceuk Si Kabayan
balaham-béléhém, éraeun. “Bedul téh, geuning sia, Kabayan ? “ Mitoha lalaki
molotot ambek.
Isukna deui, Si Kabayan jeung mitohana bral deui
ka huma. barang datang gé Si Kabayan
tuluy segut baé metikan roay. Mitohana rét deui- rét deui ka Si Kabayan, kawas
keur nungguan balangahna. Basa katénjo Si Kabayan keur anteng ngala roay,
kuliwed les wé mitohana téh.
Si Kabayan luak-lieuk, gura-gero. Mitohana teu
datang-datang, biheung ka mana. Ari rét kana karung wadah roay, geus pinuh.
Reketek wé ditalian.
“ Abah téh ninggalkeun aing, meureun keuheuleun
kénéh urut kamari. Kajeun ah, aing gé rék balik. Rék digusur wé ieu karung téh,
da moal kabawa dipanggul ku sorangan mah, “ pokna bari ngagulingkeun éta
karung. Durugdug digusur.
“Kabayan ! Kabayan ! “ ceuk sora di jero karung.
“Ieu aing mitoha sia,ulah digusur !” Reg
Si Kabayan eureun. Rét kana karung.
“Ah, puguh roay...roay ! “ pokna bari meupeuh kana
karung.
“Kabayan ! Ieu mah aing, lain roay. Naha sia teu
apal kana sora Abah ?”
Si Kabayan teu ngadéngé, tuluy baé ngagusur éta
karung . Áh, ceuk aing roay,roay....!”
Tidak ada komentar:
Posting Komentar