Jumat, 14 Agustus 2015

Kumpulan Biantara Bahasa Sunda


Biantara Paturay Tineung wawakil kelas IX
Assalamu'alaikum Wr. Wb

                Puji Sinareng Sukur Kasanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Alhamdulillah dina denget ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung dina raraga nyakseni upicara Paturay Tineung, wireh sim kuring saparakanca bade ngantunkeun ieu sakola sabada tamat diajar tilu taun.
                Bapa kalih Ibu, hadirin sadaya anu dipihormat.
Sim kuring ngadeg di ieu tempat minangka wawakil ti rerencangan kelas tilu, hoyong cumarios ngedalkeun kareteg hate.
                Mungguh ari waktu asa nyeak pisan sajorelak . Asa kamari keneh sim kuring saparakanca munggaran lebet ka ieu sakola, ayuena tos kedah paturay deui. Sim kuring saparakanca kedah deui neraskeun sakola, ngahontal hareupan sareng cita-cita.
                Kantenan bae salami tilu taun diajar di ieu sakola, seueur pisan anu bakal janten panineungan. Di dieu, di sakola urang nu genah pikabeutaheun, sim kuring saparakanca diajar neangan elmu. Ruang-riung bohdi kelas boh dina rupa-rupa kagiatan bari sakapeung sempal guyon gogonjakan sareng rerencangan. Tangtos bae eta sadayana bakal jadi 'kenangan' nu moal kahihilapkeun. Atuh kasaean Bapa kalih Ibu Guru sadayana, elmu pangaweruhna anu didugikeun kasim kuring saparakanca, tangtos bakal nyerep dina angen, janten obor nu nyaangan jalan sorangeun. Kalayan diaping dididik ku Ibu Bapa Guru pisan sim kuring saparakanca gaduh elmu nu mangpaat. Dituduhkeun nu sae sareng nu awon, nu leres sareng nu lepat, nu poek sareng nu caang.
teu aya nu tiasa kapisanggem, iwal ti hatur sewu nuhun kana pirang-pirang kasaean Ibu kalih Bapa Guru sadayana. Sim kuring saparakanca teu tiasa males eta kasaean, anging ngedalkeun du'a, pamugi rupining elmu parantos dipaparinkeun, kenging ganjaran nu ageung mangtikel-tikel ti Gusti nu maha suci.
                Atuh silami sim kuring saparakanca diajar di ieu sakola, kantenan bae seueur pisan kalepatan. Seueur pisansikep sareng nyuhunkeun di hapunten tina samudaya kalepatan kaluluputan.
Pamungkas, sim kuring saparakanca nyuhunkeun pidu's ti Ibu kalih Bapa Guru sadayana, pamugi sadaya alumni nu lulus taun ieu tiasa neraskeun sakola. Lungsur-langsar teu aya halangan-harungan, nyukeruk elmu di tingkat nu langkung luhur..
Meser kaos dimeteran,
meser sendal sareng pita,
Abdi mios rek pamitan,
rek ngahontal cita-cita.

Kamari mawa ragaji,
ayeuna rek mawa kisa,
Kamari urang ngahiji,
ayeuna urang papisah.
                Rupina sakitu nu kapihatur. Hapunteun bilih aya basa nu kirang merenah larapna, bilih aya kalimah nu teu raos kana manah.
Wabilahi taufik wal hidayah. Wassalamu'alaikum Wr. Wb









Biantara Paturay Tineung wawakil kelas IX
Assalamu'alaikum Wr. Wb

                Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Allah Illahi Robbi. Alhamdulillah wasyukurilah, Laillahhailallah, Subhanallah dina danget ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung dina raraga nyakseni upacara Paturay Tineung, wireh sim kuring saparakanca bade ngantunkeun ieu sakola sabada tamat diajar salami tilu taun.
                Bapa kalih Ibu, hadirin hormateun sim kuring
                Mungguh ari waktu asa nyeak pisan sajorelat. Asa kamari keneh sim kuring saparakanca munggaran lebet ka ieu sakola, ayeuna tos kedah paturay deui. Sim kuring saparakanca kedah miang deui neraskeun sakola, ngahontal harepan sareng cita-cita.
                Kantenan wae salami tilu taun diajar di ieu sakola, seueur pisan anu bakal janten panineungan. Di dieu, di sakola urang nu genah pikabetaheun, sim kuring saparakanca diajar neangan elmu. Ruang riung boh di kelas boh dina rupa-rupa kagiatan bari sakapeung sempal guyon gogonjakan sareng rerencangan. Tangtos bae eta sadayana bakal janten panineungan nu moal kahihilapkeun. Atuh kasaean Bapa kalih Ibu Guru sadaya, elmu pangaweruhna anu didugikeun ka sim kuring saparakanca tangtos bakal nyerep dina angen, janten obor nu nyaangan jalan sorangeun. Pamugi elmu nu katampi sing janten mangpaat kanggo abdi saparakanca.
                Saterasna pirang-pirang kasaean Bapa kalih Ibu, sim kuring saparakanca teu tiasa males eta kasaean, mung tiasa ngedalkeun du’a, pamugi rupining elmu sareng katiasa anu parantos dipaparinkeun, kenging ganjaran anu mangtikel-tikel ti Allah Ala Wa Zalla. Amin
                Bapa kalih Ibu guru kalebet rengrengan ti tata usaha, salami sim kuring saparakanca diajar di ieu sakola tangtosna seueur pisan kalepatan, seueur pisan sikep sareng paripolah anu tangtosna tiasa janten ngajaheutkeun manah ka sadayana. Jalaran kitu, ngawakilan rerencangan sadayana, dina danget ieu sim kuring neda sih hapuntenna, mugi jembar hapuntenna kana samudaya kalelepatan sareng kaluluputan.
                Pamungkas, neda pidua ti sadayana, pamugi sim kuring saparakanca nu lulus taun ieu sing tiasa neraskeun tolabul elmu. Lungsur-langsar teu aya halangan-harungan, nyukcruk elmu di tingkat nu langkung luhur
                Rupina sakitu nu kapihatur. Bilih aya basa nu kirang merenah, kecap nu kirang larap, bilih aya kalimah nu teu raos kana manah, neda hapuntenna
                Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalu’alaikum wr. wb.















Biantara Wawakil Guru/Kapala Sakola
Assalamu’alaikum wr wb

                Alhamdulillahirobbil’alamin. Washolatu wassalamu ‘ala asrofil anbiyai wal mursalin, Allahumasali Muhammad wa’alla alihi washobihi ajma’in.
                Wiwitan puji kagungan Illahi Robbi, sadaya puja mung kagungan Allah. Alhamdulillah dina danget ieu urang sadaya dipaparin kasehatan lahir sareng batin, oge kakiatan kanggo tiasa kempel ngariung di dieu patempatan, dina raraga ngaluuhan acara paturay tienung sareng pangjurung du’a kanggo para siswa anu parantos lulus ti ieu sakola.
                Salam sinareng solawat muga netes ka Nabi Muhammad SAW, natrat ka para karabat, para ahli sareng sahabat.
                Hadirin nu dipihormat, dina danget ieu mangrupi dinten anu kebek ku kabingah sareng kabagjaan kanggo urang sadaya, kabingah Bapa Ibu Guru kalih sepuh-sepuh para siswa, rehing putra-putri urang parantos rengse diajar, salami tilu taun, nyukcruk elmu pangaweruh sareng katiasa di ieu sakola. Kalintang wajarna upami urang sadaya ngucapkeun Alhamdulillah.
                Salami tilu taun para siswa diatik sareng diaping ku Ibu kalih Bapa Guru, dipaparinan elmu sareng katiasa keur pibekeleun maranehna jaga dina mangsa nu bakal datang. Waktos tilu taun diajar di sakola mung saukur janten rawayan tina panjangna lalakon hirup anu kedah disorang. Mugi-mugi bae sadaya elmu nu parantos dipaparinkeun ku Ibu sareng Bapa guru sing janten lawang pamuka keur para siswa kanggo nyangking paelmuan saterasna. Panghudang sareng pangjurung ti Ibu Rama anu janten sepuhna kalintang diperyogikeunana, malih eta saestuna nu langkung utami, nu langkung anteb tapak guratna, nyaeta didikan ti ibu sareng ramana.
                Ka sadaya para siswa anu bade ngantunkeun ieu sakola, Bapa mung tiasa ngajurung ku du’a, mugi-mugi hidep sadaya siang tiasa neraskeun sakola. Sing langkung suhud sareng junun dina diajar, sing langkung motekar, sabab elmu teh kasakten diri. Elmu tungtut dunya siar, sing pinter ngaraksa diri. Hidep sadaya sing jucung sing nanjung, tapi poma masing inget dina rengkak jeung paripolah, boh di sakola boh di lingkungan masyarakat, pamugi masing tarapti, kedah adab ka sasama, hade budi someah reujeung darehdeh. Rengkuh ajrih ka saluhureun, heman nyaah ka sasama, bear bageur ka sahandapeun. Mun hayang jadi jalma nu dihormat diajenan ku nu lian, anu disebutkeun tadi mugi sing jadi papagon hirup. Insya Allah.
                Pamungkas, bapa mung saukur ngiring ngajurung, mugi-mugi naon anu dipiharep jeung dicita-cita sing laksana tinekanan. Teu hilap, kalayan asmana Ibu kalih Bapa guru sadayana. Bapa nyuhunekun dihapunten tangtu aya kalepatan. Paribasa clik putih clak herang, caang bulan opat welas, urang lubarkeun samudaya kaluluputan.
                Sakitu nu kapihatur. Bobo sapanon carang sapakan, bahe carekna langkung saurna, neda sihapunten.
                Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalu’alaikum wr wb.










Biantara Paturai Tineung ti Wawakil OSIS (Adik Tingkat)

Ibu kepala sakola SMP Negeri  1 Cijambe  anu kusim kuring dipihormat
bapa Komite SMP Negeri  1 Cijambe  nu kusim kuring dipihormat
bapa sareng ibu guru SMP Negeri  1 Cijambe  nu kusim kuring dipihormat
bapa sareng ibu para sepuh murid-murid anu kusim kuring dipihormat
sadaya rerencangan tikelas tujuh dugi kakelas salapan anu kusimkuring dipikanyaah tur dipikacinta

                Assalamu'alaikum wr wb
langkung tipayun hayu urang munajat ka gusti allah ngucapkeun syukur alhamdulillah , kusabab gusti alloh parantos maparinan nikmat anu seueur ngajungjurung urang kempel ditempat ieu kalayan salamet

                Sim kuring ngahaturkeun mangrebu-rebu nuhun kasadayana anu parantos tiasa sarumping ka ieu patempatan

                Rupina dinten ieu parantos cunduk kana waktu nu rahayu ,nitih wanci nu mustari jalaran akang sareng  teteh kelas salapan parantos tiasa ngarengsekeun diajar di Paguron SMPN 1 CIJAMBE  ieu kalayan lulus sareng hasil anu nyugemakeun

                Teu aya deui pibasaeunana , sim kuring sareng rerencangan sadaya mung ukur tiasa ngahaturkeun nuhun ka sadaya guru anu parantos hese cape ngatik ngadidik sim kuring saparakanca sinareng akang sareng teteh ti kelas salapan dugi ka tiasa ngarengsekeun sakola kalawan hasil anu sae

                Kaduana kanggo akang sareng teteh sim kuring mung tiasa ngajurung ku du’a, mugi-mugi akang sareng teteh sadaya siang tiasa neraskeun sakola ka paguron anu langkung luhur, sing langkung suhud sareng junun dina diajar, sing langkung ningkat prestasi sareng sagala rupina, insya allah.

                Pamungkas, sim kuring mung saukur ngiring ngajurung, mugi-mugi naon anu dipiharep, anu di dicita-citakeun akang sareng teteh sing laksana tinekanan. Teu hilap Sim kuring saparakanca rai-rai ti kelas tujuh sareng dalapan nyuhunekun dihapunten tina sadaya kalepatan. Paribasa clik putih clak herang, caang bulan opat welas, urang lubarkeun samudaya kaluluputan.

                Sakitu nu kapihatur. Bobo sapanon carang sapakan, bahe carekna langkung saurna, neda sihapunten.

                Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalu’alaikum wr wb











Biantara Laporan Ketua Panitia Pasanggiri Pupuh

Hatur nuhun ka pangatur acara anu parantos masihan waktos sareng tempat ka sim kuring kango ngadugikeun laporan panitia. Salajengna sim kuring seja ngadugikeun salam ka sadayana; assalamu ‘alaikum warohmatullohi wabarokatuh, ditéma ku kedaling puji ka Gusti anu Mahasuci; alhamdulillahi robbil ‘alamin, réhna ku ayana widi ti Anjeunna ieu acara tiasa lumangsung kalawan lungsur-langsar.

Hadirin anu dipihormat,
Sim kuring sasanggem dina ieu waktos téh ngawakilan sakumna réngréngan panitia anu parantos dipasihan kapercantenan kanggo ngokolakeun kagiatan paturay tineung taun ajaran 2011/2012. Sim kuring saparakanca anu jumlahna opat welas jalmi kalayan resmi parantos di-SK-an ku Bapa Camat dua sasih anu parantos kalangkung. Nya ti ngawitan harita sakumna panitia cuh-cih; ngayakeun gempungan, nyusun rarancang kagiatan, milarian waragad, nangtoskeun waktos sareng tempat lumangsungna pasanggirinyebarkeun uleman ka sakumna calon patandang, nangtoskeun déwan yuri atanapi girang pangajén, dugi ka derna pisan acara dina dinten ieu. Sim kuring saparakanca seja ngahaturkeun nuhun ka Bapa Camat anu parantos masihan kapercantenan kanggo janten panitia. Ieu kedaling panuhun téh ogé disanggakeun ka sakumna sesepuh sareng paraseniman katut budayawan, anu parantos masihan panuyun, bongbolongan, sareng rupi-rupi bahan ka panitia. Tanpa ayana panuyun ti aranjeunna, sim kuring saparakanca bakal seueur utag-atog dina ngalaksanakeun ieu acara téh. Teu hilap deuih sim kuring saparakanca nganuhunkeun ka Bapa-bapa sareng Ibu-ibu staf kacamatan katut lembaga sanésna anu seueur pisan masihan bantuan ka panitia. Saterasna sim kuring saparakanca nganuhunkeun ka sakumna masarakat kacamatan Cikarang, hususna pisan mah ka anu ngariring ancrub jenten patandang ieu pasanggiri.Namung sok sanaos kitu, alhamdulillah pangbagéa ti masarakat kaétang ageung. Buktosna waé ti dalapan désa nu aya diwewengkon Kacamatan Cikarang, sadayana ngintunkeun utusan. Salajengna ku sim kuring badé didugikeun ka Bapa Camat sareng sakumna anu hadir; kanggo tingkat SD aya 46 patandang, sareng kanggo tingkat SLTP aya 18 patandang. Ku émutan sim kuring mah ieu jumlah patandangtéh kaétang nyugemakeun.
Jalaran patandang kaétang seueur, ieu pasanggiri téh badé diduadintenkeun; dinten ieu sareng dinten énjing. Kanggo dinten ie, patandang tingkat SD anu kabagéan waktos. Énjing giliran tingkat SLTP, bari disakantenankeun sareng wawaran kajuaraan. Dupi pamasrahan hadiahna mah insya Alloh badé disarengkeun dina acara resépsi 17 Agustus, sakantenan badé digabungkeun sareng pamasrahan hadiah kanggo pasanggiri katut perlombaan sanésna.
Dupi pupuh wajib anu kedah ditembangkeun ku saban patandang nya éta miling tina salasawios pupuh sekar ageng; Kinanti, Sinom, Asmarandana, sareng Dangdanggula. Upami pupuh pilihanana, saban patandang tiasa nyandak salasawios ti saluareun anu opat nembé. Boh pupuh wajib boh pupuh pilihan, sadayana ogé parantos disadiakeun ku panitia.
Dina ieu kasempetan,sim kuring sakantenan ngadugikeun sah-sahana girang pangajén. Tangtos kanggo urang moal bireuk deui.Girang pangajén disesepuhan ku Bapa Penilik Kebudayaan, lajeng diwuwuh ku réngréngan anggotana anu seueurna opatan, nya éta Ibu Hajjah Cicih Sudarsih, Bapa Drs. Diki Darmawan, Bapa Ahmad Sahroni, sareng Ibu Dra. Yuningsih. Alhamdulillah, sadayana girang pangajén ayeuna parantos tiasa sumping.
Hadirin hormateun sim kuring,
Ieu pasanggiri tiasa lumangsung kumargi ayana pangrojong ti sadayan pihak. Jalaran kitu, sim kuring saparakanca teu kinten nganuhunkeunana. Pamugi waé kasaéan Bapa, Ibu, sareng Sadérék sadayana kalebet kana amal anu baris diganjar ku Alloh swt., amin!
Ku tiasa lumangsungna ieu pasnaggiri téh sim kuring saparakanca gaduh harepan, mugi-mugi waé perhatosan urang kana seni budaya titinggal karuhun sing tambih ngaronjat. Ieu pasanggiri pupuh, mugi-mugi sing kalebet kana tarékah pikeun miara sareng mekarkeun salasawios jati diri urang.
Minangka pamungkas pisanggem, sim kuring saparakanca seja nyuhunkeun dihapunten tina sadaya kakirangan dina ieu acara. Sok sanaos ari dina leresan tataharna mah asa atos maksimal, tapi rupina ari kakirangan mah sok aya waé. Janten, hapuntenna anu kasuhun, utamina ka sakumna patandang, girang pangajén, sareng parauleman.
Sakitu anu kapihatur. Pamugi ieu acara téh sing tiasa lancar dugi ka lekasanana. Sareng pamugi waé aya dina rido Gusti Anu Mahasuci, amin!
Wassalamu ‘alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

YA ALLOH AKU TOBAT
TOBAT ATAS SEGALA DOSA-DOSAKU

ANAKKU INGATLAH  UNTAIAN DOSA YANG KAU BUAT
DAN SEGERALAH MINTA AMPUNAN DARI ALLOH

YA ALLOH TERIMALAH TOBAT KAMI
SEBELUM NYAWA TERLEPAS DARI RAGA

ALLOH HANYA INGIN MANUSIA TOBAT
TOBATLAH ANAKKU HIDUP MU MASIH PANJANG

















Sambutan Ketua Panitia Perpisahan Siswa MTs
    Yang saya hormati :          Bapak pengawas MTs  Kantor Kementrian Agama Kab. PBG
                                                Bapak Kepala MTs Muh. 03 Bandingan

Bapak Pengurus Madrasah yang Kami hormati
                                                Bapak Ketua  Komite Madrasah yang Kami hormati

    Yang Kami hormati                       Bapak Kepala Desa Gumiwang
                                                Bapak Pimpinan Ranting Muhammadiyah Gumiwang
                                                Bapak dan Ibu guru serta karyawan  MTs Muh. 03 Bandingan
                                                Bapak dan Ibu Wali Murid Kelas IX yang kami hormati
                                                Serta siswa dan siswi MTs Muh. 03 bandingan yang berbahagia

Pertama tama      -     atas rahmat-Nya pada hari yang cerah ini kita semua dapat berkumpul  bersama untuk mengadakan acara Perpisahan Siswa dan siswi Kelas IX MTs Muh. 03 Bandingan.
Pada Kesempatan ini   izinkanlah kami  menyampaiakn sepatah dua patah kata atas nama panitia untuk melaporkan kegiatan  perpisahan pada hari ini.
Acara perpisahan pada pagi hari ini merupakan rangkaian kegiatan  yang diprogramkan MTs Muh. 03 Bandingan di akhir tahun ajaran 2010-2011. Setelah siswa kelas IX melaksanakan serangkaian ujian  dan ujian nasional, sambil menunggu pengumuman kelulusan maka hari ini diselenggarakan perpisahan. Dan juga rangkaian kegiatan menjelang  awal tahun ajaran baru yaitu Penerimaan Pesrta Didik Baru (PPDB) 2011-2012.
Bapak Ibu yang kami Hormati,
Acara perpisahan kali ini diadakan  dengan cukup sederhana, meskipun demikian mudah-mudahan tidak mengurangi makna dan tujuan diadakannya acara perpisahan ini.
Sengaja  acara perpisahan kali ini tidak diadakan di sekolah tetapi diadakan di  balai muslimin Desa Gumiwang ini, dengan harapan memberikan suasana lain dari pada yang lain dan mudah-mudahan  dapat memberikan isnpirasi dan nuansa baru dalam penyelenggaraan perpisahan ini.
Di samping itu, acara perpisahan diselenggarakan sebelum adanya pengumuman kelulusan dengan harapan tidak adanya beban mental bagi para siswa, dan seluruh siswa kelas IX MTs Muh. Dapat mengikuti acara perpisahan ini. Dan mudah-mudahan seluruh siswa nantinya dapat berhasil lulus sebagaimana yang kita harapkan.
Perlu kami laporkan bahwa siswa yang dilepas pada acara perpisahan ini berjumlah ……., …… siswa putra dan ….. siswa putri.
Ada Ungkapan, ada pertemuan dan ada perpisahan. Tidak ada pertemuan yang abadi. Sebagaimana pertemuan, demikian juga perpisahan, tidak ada perpisahan yang abadi. Yang terpentng adalah siswa dapat menyimpan kenangan-kenangan yang baik, yang berharga selama 3 tahun belajar di MTs Muh. 03 Bandingan. Dengan acara perpisahan ini juga diharapkan, meskipun nantinya siswa dan siswi sudah tidak berada di MTs Muh. 03 Bandingan, jalinan silaturrahim, kekeluargaan dengan madrasah tetap tidak terlupakan. Jauh di mata tapi dekat di hati.
Bapak ibu yang kami hormati,
 Akhirnya Atas nama panitia, pada kesempatan ini kami menyampaikan banyak terima kasih, terutama pada : Bapak Pengawas MTs yang telah hadir memenuhi undangan kami.
Kedua, kepada Bapak Kepala Desa Gumiwang yang telah hadir  hadir acara ini.
Ketiga, pada Pimpinan Ranting muh. Gumiwang yang telah mamberikan izin tempat sehingga acara perpisahan ini dapat berlangsung di Balai muslimin ini.
Tidak lupa kepada seluruh panitia, yang telah merencanakan dan mempersiapkan segala sesuatu dan kerjasamanya sehingga   acara perpisahan ini  dapat terselenggara, kami atas nama panitia mengucapkan terima kasih.
Juga kepada seluruh tamu undangan yang tidak kami sebutkan satu persatu, juga  bapak dan ibu Wali Murid kelas IX yang telah meluangkan waktu untuk memenuhi undangan kami, mudah-mudahan kehadirannya sebagai amal kebaikan yang dicatat oleh Alloh SWT. Amiin
Selanjutnya, dengan segala keterbatasan, Kami yakin dalam penyelenggaraan perpisahan ini tentunya di sana sini masih banyak kekurangan. OKI kami mewakili panitia  atas segala keterbatasan dan kekurangannya , kami mohon maaf yang sebesar-besarnya.
Barangkali  hanya ini yang dapat kami sampaikan, kurang dan lebihnya mohon maaf.




Pangbagéa Pupuhu Panitia Perpisahan Siswa MTS
Anu kuring hormati: Bapa pangawas MTS Kantor Kementrian Ageman Kab. PBG
Bapa Sirah MTS Muh. 03 Bandingan

Bapa Pangurus Madrasah anu Kami hormati
Bapa Pupuhu Komite Madrasah anu Kami hormati

Anu Kami hormati Bapa Kapala Désa Gumiwang
Bapa Lulugu Régang Muhammadiyah Gumiwang
Bapa sarta Ibu guru sarta pagawé MTS Muh. 03 Bandingan
Bapa sarta Ibu Wali Murid Kelas IX anu kami hormati
Sarta siswa sarta siswi MTS Muh. 03 bandingan anu berbahagia

Kahiji tama - luhur rahmat-nya dina poé anu cerah ieu urang kabéh bisa ngariung babarengan pikeun ngayakeun acara Perpisahan Siswa sarta siswi Kelas IX MTS Muh. 03 Bandingan.
Dina Kasempetan ieu izinkanlah kami menyampaiakn sapites dua pites kecap luhur ngaran panitia pikeun ngalaporkeun kagiatan perpisahan dina poé ieu.
Acara perpisahan dina isuk-isuk poé ieu mangrupa runtuyan kagiatan anu diprogramkan MTS Muh. 03 Bandingan di ahir warsih ajaran 2010-2011. Sanggeus siswa kelas IX ngalaksanakeun sauntuyan ujian sarta ujian nasional, bari nungguan émbaran kalulusan mangka poé ieu diayakeun perpisahan. Sarta ogé runtuyan kagiatan nyanghareupan mimiti warsih ajaran anyar nyaéta Penerimaan Pesrta Didik Anyar (PPDB) 2011-2012.
Bapa Ibu anu kami Hormati,
Acara perpisahan ayeuna diayakeun kalayan cukup basajan, sanajan kitu susuganan henteu ngurangan harti sarta tujuan diayakeunana acara perpisahan ieu.
Ngahaja acara perpisahan ayeuna henteu diayakeun di sakola tapi diayakeun di balé muslimin Désa Gumiwang ieu, jeung harepan méré kaayaan séjén tinimbang anu séjén sarta susuganan bisa méré isnpirasi sarta nuansa anyar dina penyelenggaraan perpisahan ieu.
Di gigireun / sabeulah éta, acara perpisahan diayakeun saméméh ayana émbaran kalulusan jeung harepan henteu ayana beungbeurat mental pikeun para siswa, sarta sakumna siswa kelas IX MTS Muh. Bisa nuturkeun acara perpisahan ieu. Sarta susuganan sakumna siswa engkéna bisa junun lulus sakumaha anu urang harepkeun.
Perlu kami laporkan yén siswa anu dileupas dina acara perpisahan ieu berjumlah ……., …… siswa putra sarta ….. siswa putri.
Aya Babasan, aya pasamoan sarta aya perpisahan. Euweuh pasamoan anu langgeng. Sakumaha pasamoan, kitu ogé perpisahan, euweuh perpisahan anu langgeng. Anu terpentng nyaéta siswa bisa nunda kenangan-kenangan anu alus, anu berharga salila 3 warsih diajar di MTS Muh. 03 Bandingan. Jeung acara perpisahan ieu ogé diharepkeun, sanajan engkéna siswa sarta siswi geus henteu aya di MTS Muh. 03 Bandingan, jalinan silaturrahim, kakulawargaan kalayan madrasah tetep henteu kapopohokeun. Laér di panon tapi deukeut di haté.
Bapa ibu anu kami hormati,
Pamustunganana Luhur ngaran panitia, dina kasempetan ieu kami nepikeun loba hatur nuhun, utamana dina: Bapa Pangawas MTS anu geus hadir minuhan ondangan kami.
Kadua, ka Bapa Kapala Désa Gumiwang anu geus hadir hadir acara ieu.
Katilu, dina Lulugu Régang muh. Gumiwang anu geus mamberikan idin tempat ku kituna acara perpisahan ieu bisa lumangsung di Balé muslimin ieu.
Henteu poho ka sakumna panitia, anu geus merencanakan sarta nyiapkeun sagala hiji hal sarta kerjasamanya ku kituna acara perpisahan ieu bisa terselenggara, kami luhur ngaran panitia ngedalkeun hatur nuhun.
Ogé ka sakumna sémah ondangan anu henteu kami sebutkan hiji persatu, ogé bapa sarta ibu Wali Murid kelas IX anu geus meluangkan wayah pikeun minuhan ondangan kami, susuganan datangna minangka amal kebaikan anu dicatet ku Alloh SWT. Amiin
Saterusna, kalayan sagala keterbatasan, Kami yakin dina penyelenggaraan perpisahan ieu tinangtu di ditu dieu loba kénéh kakurangan. OKI kami ngawakilan panitia tina sagala keterbatasan sarta kakuranganana , kami ménta hampura anu sagedé-gedéna.
Sugan ngan ieu anu bisa kami sampaikan, kurang sarta leuwihna ménta hampura.
. ASALAMUALAIKUM WR.WB.Pertama-tama marilah kita penjatkan Puja dan Puji Syukur kitakehadirat ALLAh SWT, solawat serta salam muga-muga selalu tercurahlimpah kan kepada Nabi Muhammad SAW, juga pada keluarganya, sahabat para tabiin dan yaumiddin.Para Tamu undangan, Bapak/Ibu guru dan staf tata usaha, serta rekan2siswa/siswi ma al-istiqomah yang saya hormati..dalam kesempatan iniSaya ketua panitia penyelenggara acara kegiatan kenaikan kelas XII dankenaikan kelas X dan XI akan menyampaikan laporan kegiatan sebagai berikut :Penyelenggaraan acara paturay tineung kelas XII dan kenaikan kelas X -XI bertujuan untuk :
1.
Meningkatkan Nilai kesenian pada diri siswa2.Meningkatkan kemampuan berkomunikasi dan berekspresi secaralisan.3.Meningkatkan prestasi siswa setinggi-tingginya.4.Menyalurkan bakat kesenian yang terpendam dalam diri siswa.Jenis acara yang akan ditampilkan, selain acara pokok juga ada beberapa jenis acara hiburan, yaitu seperti Qosidah, Degung, kreatifitas siswa-siswi,dan lain sebagainya.Adapun anggaran biaya Penyelenggaraan acara paturay tineung kelas XIIdan kenaikan kelas X -XI tersebut adalah hasil dari sumbangan siswa.Alhamdulillah walaupun dengan segala keterbatasan dana acara ini dapatterlaksana.saya ucapkan terima kasih kepada semua pihak yang telah ikut sertamembantu melancarkan acara ini, khususnya kepada Bapak kepala madrasahaliyah al-istiqomah beserta guru2,. Kepada panitia pelaksana kegiatan peringatan yang telah Penyelenggaraan acara paturay tineung kelas XII dankenaikan kelas X –XI yang telah menyumbangkan pikiran serta tenaganya.Mohon maaf apabila acara ini banyak kekurangan karena kami masih tahap belajar, Demikianlah laporan panitia kegiatan acara kegiatan peringatan



Ucapkan salam. Kalimat harus JELAS dan TEGAS.
2. Sampaikan terima kasih pada pejabat dan semua hadirin.
3. Ungkapkan maksud kegiatan yang sedang dilaksanakan.
4. Kalau ada tema acara, jelaskan maksudnya.
5. Sampaikan terima kasih pada semua pihak yang telah berkontribusi membuat acara berlangsung.
6. Sampaikan permohonan maaf, seandainya dalam pelaksanaan acara ada hal-hal yang kurang berkenan.
7. Salam penutup.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar