Jumat, 21 Agustus 2015

Motivasi Basa Sunda


Ya Alloh Pangeran abdi sadaya
Gusti  Pamuntangan beurang
Gusti Pamantengan peuting
Hapuskeun dosa-dosa abdi, boh dosa nu karasa atawa nu teu karasa, Dosa guru-guru abdi, dosa indung bapa abdi, dosa rerencangan abdi sadaya

Ya Alloh nu Maha Suci Mugi Anjeun
Ngagampangkeun abdi dina nyuprih elmu pangaweruh di ieu sakola, paparin abdi karidhoan sareng kaikhlasan dina ngajalanan hirup di dunya ieu

Ya Alloh nu Maha Suci Mugi Anjeun
Jauhkeun abdi sadayana tina adzab siksa seuneu Naraka, golongkeun abdi kana golongan jalma-jalma anu dipikaridho ku Gusti

Ya Alloh nu Maha Suci Mugi Anjeun
Maparin abdi kasehatan jasmani sareng rohani sangkan lancar dina milampah ibadah di alam dunya ieu

Ya Alloh nu Maha Suci Mugi Anjeun
Maparin abdi rizki nu halal, nu bakal mawa kaberkahan keur hirup abdi di dunya

Ya Alloh nu Maha Suci Mugi Anjeun
Jauhkeun abdi dina sifat-sifat anu ngaruksak kana kaimanan sareng kataqwaan abdi. Amin ....
Astagfirullah robal baroya, astagfirullah minal hotoya..............................

Tidak ada komentar:

Posting Komentar