Jumat, 14 Agustus 2015

GUNUNG TAMPOMAS


GUNUNG TAMPOMAS

Karajaan Sumedanglarang mangrupa karajaan nu subur ma’mur. Rahayatna hirup-hurip kalawan tengtrem. Salian ti teu aya pangeusi éta karajaan nu kakurangan dahareun, katengtreman rahayat gé minangka balukar tina kawijakan raja di éta karajaan nu adil, percéka, tur wijaksana dina mingpin rahayatna.

Kaléreun karajaan Sumedanglarang ngajunggiring hiji gunung nu pada nyebut Gunung Gedé. Di ngaranan kitu sotéh duméh wangunna gedé tur jangkung. Eta gunung téh jadi bahan pananggeuhan rahayat. Di éta gunung rahayat tatanén. Di éta Gunung rahayat ngarala hasil leuweung. Ti éta Gunung tingburial cai airna ngamalir jadi cai-cai nu engkéna digunakeun pikeun rupa-rupa kagiatan masarakat.

Hiji mangsa katengtreman rahayat Sumedanglarang kaganggu. Sababaraha peuting lilana tina jero kawah Gunung Gedé kaluar sora patingjelegur. Sorana mungguh matak kukurayeun, mungguh pikakeutireun jeung matak geumpeur. Rahayat bener-bener tagiwur. Mun peuting saréna teu tibra. Mun beurang barang dahar jadi suda. Barang gawé gé jadi teu purun.

Nu haténa tagiwur téh lain ngan rahayat hungkul. Raja éta karajaan mikir pikeun ngungkulan éta masalah. Antukna éta raja téh tapa. Dina tatapana anjeunna méménta ka Nu Kawasa pikeun méré bongbolongan ka dirina.

Hiji waktu, paménta éta raja téh dikobul. Aya sora nu nongtoréng kana ceulina. Ceuk éta sora, kawah Gunung Gedé bakal jempling sabihara-bihari  deui lamun ditumbal ku keris pusaka tuturunan para Raja karajaan Sumedanglarang. Sanggeus ngadéngé ilapat kitu mah raja gé eureun tina tapana sarta langsung ngalaksanakeun éta parentah ti Nu Kawasa téa.

Raja indit sorangan ka puncuk gunung. Satepina di puncak Gunung, raja langsung nyabut keris sarta teu tata pasini deui ngan keleweng baé éta barang pusaka téh dialungkeun kana tengah-tengah kawah. Anéh bin ajaib. Dadak sakala cicing. Sora tingjelegur gé harita kénéh jempé.

Lain deui bungahna haté raja. Pon kitu deui haté sakumna rahayat karajaan nu ahirna pada apal kana éta kajadian. Ti harita kawah Gunung Gedé tara motah deui kawas nu rék bitu. Ti harita ogé éta Gunung téh dirobah ngaranna jadi Gunung Tampomas, nu hartina gunung nu nampa emas. Maksudna narima pusaka raja nu dijieunna tina emas.        

Tidak ada komentar:

Posting Komentar