Jumat, 14 Agustus 2015

Sajak


KA MEKAH KA LEBAH KABAH
Karya  YUS RUSYANA

Pohara hebatna duh matak tibelat
Mun  pajar di wetan geus balebat
Nu ajeg rajeg samadhab papat
Sajuta saf!

 Pohara hebatna duh matak geueuman
Mun srangenge keur manceran
Nu ngacungkeun leungeun ngucapkeun takbir
Pertanda siap!

Pohara hebatna duh teuing ku sahdu
Mun srangenge tunggang gunung
Nu sujud nyuuh ka datar bumi
Maha Suci!

Pohara hebatna duh teuing ku tengtrem
Mun srangenge enggeus tilem
Anu calik tumaninah
Timpuh sumerah

Pohara hebatna duh pohara geugeutna
Mun layung kasilih peuting
Suara nu aweh salam
Ti dasar bayah

Pohara hebatna duh maha digjaya
Hiji agama
Nu ngarampakgerakkeun raga
Nu ngarumpuyuknyuuhkeun jiwa
Ngumandepkeun umat  ka Maha Esa

Pohara hebatna duh Maha Wijaya
Hiji agama
Nu  ngomandokeun siap ka medan jaya
Dua puluh opat jam lima kali sayaga
Ka legiun waja nu sajiwa

Najan dimana duh najan di mendi
Di mana-mana  tuh sabudeur bumi
Najan di mana di Indonesia
Di pakistan di Arabia
Di aljajair di tunisia
Di Maroko duh sategal dunya
Ka Mekah ka lebah Kabah
Ka hiji pusat pertanda takwa

Tidak ada komentar:

Posting Komentar